Wednesday, July 25, 2012

Eling Mangka Eling . . .

Lir ibarat wayang, hirupna ngan saukur sakawasa kahayang dalang
disorakeun wae nyoara, diusikeun wae usik, diigelkeun wae nya ngigel, diseurikeun nya seuri, diceurikeun wae nya ceurik, digolerkeun nya ngalempreh, dipaehkeun saestuna teu usik teu malik, teu daya teu upaya salian ning pasrah, tumarima ikhlas kana sagala anu tumiba...

Teu kadangu ngangluhna, teu kadangu makruhna, malahan teu kareungeu empesna...
Nilik ka lebah dinya, manusa nu tangtuna leuwih sampurna tibatan wayang, boga pikiran, kagungan raraosan, mikarumasa kana dirina, samistina bisa sumadar lan eling kana dumasar papasten diri ti Sang Hyang..

Salawasna sukuran jeung sukuran, narima jeung ikhlas tumarima, sumerah du'a pati jiwa ning raga, geuning wayang mere conto jeung gambaran anu sakitu mulia, pikeun eunteung mawa lakon sajatining diri manusia nu sakadar ciciptan Gusti Nu Maha Kawasa..

Nun Gusti nu Maha Kawasa mulak malikeun rasa jeung hate kalbu diri, mugia Gusti maparin pieling, pitunjuk, bimbingan tur "elmu Cinta" ka Gusti Nyalira, rumaos diri teu daya teu upaya, iwal muntang lelembutan, kasadaran lan lilinggeran sajati ka Gusti Nu Maha Asih tur Kawasa..
Lahaola walakuwwatta, illabillahil'alliyyul'adzim, hasbunallah wani'mal wakil ni'mal maula wani'mal nasir..

Asal ti Gusti papasti mulang Gusti, Allah SWT nu Maha Kawasa, usik malik hirup diri, reup sirna pati hakekatna Kawasa Kersaning Gusti
Satitik, sagebar sadunya elmu, iwalti Gusti nu ngapimilik sajatining Guru, sagurat, sajero lan salega jagat rasa lara bagja, iwal Gusti nu Kawasa natratkeun takdir diri manusa..
Innalillahi wainna illaihiroji'un..

Diri mung saukur makhluk nu disalangkrungan Dzat AnjeunNA, nu ngancik tur ngajaga lilinggeran diri fitrahna nu jadi manusa, pikeun jadi CiciptanNA, dilalajoan, dilalakonan, dipedaran, dina tajali AnjeunNA disakabeh diri makhluk manusa, nyanggakeun, nampikeun, diri anu mung saukur wayang hina, mugia salamina ditangtayungan, dipasihan jalan endahna medar bakti kahirupan miCinta mung ka Gusti Illahi Rabbi..
Amin ya Rabbal Alamiin..

(€)

1 comment: